Langsung ke konten utama

Sajak Sunda

SILIH TULUNGAN

Nyiruan dina pancuran
titeuleum méh baé paéh
Titiran nenjo Nyiruan
kanyaah mapaés haté.

Geuwat metik dangdaunan
diragragkeun kana cai
ngarayap éta Nyiruan
teu tulus nemahan pati.

Titiran ku paninggaran
diintip-intip dipanah
Nyiruan mulang tarima
nyeureud bitis paninggaran.

Paninggaran ngagurubug
teu tulus manah Titiran
geus lésot kabéh bangbaluh
lantaran silih tulungan.




LANGLAYANGAN

Langlayangan kumalayang
ngalayang di méga malang
paheula-heula jeung heulang
sukan-sukan sukahayang.

Mipir langit nyorang méga
nyawang anggang di buana
amparan handapeunana
tanah éndah alam Sunda.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

Laporan NOVEL PATEPUNG DI BANDUNG

LAPORAN MACA NOVEL BASA SUNDA NOVEL PATEPUNG DI BANDUNG KELOMPOK 1    ANISA NUR AMALIA    BAIHAQI WISNU    GITA  ALISTIANI    MIRA AMELIA    RATIH TRI YUDISTIRANI       RIZKY TRI CAHYANI XI IPA 5 SMA NEGERI 5 CIMAHI UNSUR-UNSUR CERITA Tema : Kahirupan hiji kaluarga Latar : Kampung , Bumi Tokoh jeung Watak :   ·          Ema : ·          Bapa : Cicingeun ·          Kondi : ·          Kang Odong : ·          Bi Manah : ·          Nyai : ·          Uwa : Alur : Campuran Amanat : Jadi kaluarga teh kudu akur, kedah Silihrojong Eusi carita (sinop...

Vector Art

Vector dan Siluet