Langsung ke konten utama

Laporan NOVEL PATEPUNG DI BANDUNG

LAPORAN
MACA NOVEL BASA SUNDA
NOVEL PATEPUNG DI BANDUNG


KELOMPOK 1

*   ANISA NUR AMALIA
*   BAIHAQI WISNU
*   GITA  ALISTIANI
*   MIRA AMELIA
*   RATIH TRI YUDISTIRANI
*      RIZKY TRI CAHYANI




XI IPA 5
SMA NEGERI 5 CIMAHI
UNSUR-UNSUR CERITA

Tema : Kahirupan hiji kaluarga
Latar : Kampung , Bumi
Tokoh jeung Watak :  
·         Ema :
·         Bapa : Cicingeun
·         Kondi :
·         Kang Odong :
·         Bi Manah :
·         Nyai :
·         Uwa :
Alur : Campuran
Amanat : Jadi kaluarga teh kudu akur, kedah Silihrojong









Eusi carita (sinopsisna) :
Aya hiji kaluwargi, nu eusina aya Ema, Bapa, kuring (kondi) , jeung kang Odong.
Dua bulan katukang teh Ema menta pindah, kusabab hoyong ngabrangbrangkeun hate. Ema teh mimiti carita hoyong pindahna teh ka kuring, ema teh kungsi ngaharewos “kondi mun ema jadi pindah maneh rek milu ka ema atawa cicing jeung bapa?” harita kuring teh teu bisa ngajawab.
Kang odong teh tos tamat ti SD. Tapi ayeuna mah dijungjurung di titah sakola teh hararese pisan. Bapa teh geus nitah kang Odong sakola sababaraha kali teh embungen wae. Nya enggeus we da ari dipaksa mah bisi teu baleg, da basa di SD ge ngendongna dua kali da mabal wae.
Ema teh hoyong pindah teh sabab Bapa teh tos teu gaduh panghasilan, bapa teh didambelna teh jadi tukang motrer, asalna mah panghasilan tinu motret teh ageung. Tapi ayeuna mah kusabab aya rerencangan bapa anu jadi tukang motret oge, padambelan bapa teh jadi sepi, da seerna nu bade dipotret teh ka rerencanganna kusabab di potret ku rerencangana mah leuwih sae. Ti pas eta teh bangkrut weh bapa teh.
Kuring teh basa eta mah sok ninggali duit ngalayah dina meja, sok dicokotan we ku kuring jeung kang Odong teh recehna. Terus sok parebut jeung kang Odong teh. Ayeuna mah baroraah.
Tos kitu bapa teh didambel deui jadi tukang baso, tapi jadi tukang baso oge bangkrut oge, kusabab seer pisan nu dagang baso teh.
Geus jadi tukang baso teh, bapa teh di ajak ku Mang Janta ka Jakarta. Di jakarta teh bapa didambel janten kuli bangunan, bapa teh ngabangun hotel anu ditingkat-tingkat. Aripekteh pas bapa nuju ngabangun teh bapa teh lagrag ti lantai 2. Ku Mang Janta teh dibejakeun we ka Ema, Ema teh nyegruk ceurik pas ngadangu eta teh.
Ti harita ti saprak ragrag, bapa teu bisa barang di gawe deui. Da suku sareng panangan bapa teh potong. Kusabab bapa teu didambel jadi teu gaduh icih kanggo sapopoe, kapaksa sababaraha barang mimiti narurungtan dijual. Lila kalilaan mah tungtungna mah di imah teh ngan aya ranjang, korsi jeung samak. Geus beak ngajual isi imah, pindah ngajual pakaya sejenna.
Ema teh jadi ambek ka bapa ku sabab bapa teh teu milarian padamelan deui.
Nempo kaayaan kitu, ema teh menta cerai ka bapa, tapi bapa teh malah cicing wae di penta cerai teh. Akhirna ema jeung bapa teh manghadep ka pangadilan agama.
Geus kitu kuring teh di ajak pindah ku ema teh gideg. Kitu kang Odong oge. “rek maturan Bapa bae kuring mah. Keur sakali-kalieun kuring rek nganjang ka Ema,” kitu ceuk kang Odong.
Sanggeus di tinggalkeun ku Emana, manehna karasa ripuh kahirupanana, sabab sagala pagawean di tekel ka sorangan, sanajan manehna teh boga lanceuk. Tapi henteu ngajadikeun kahirupanana leuwih hade, sabab lanceukna oge gawena ngan saukur buburuh jadi kenek. Padahal Bapana oge geus geringan bae. Sakapeung manehna sok neangan gawe pikeun nambah-nambah panghasilan. Kadang-kadang sok ngalaan remis atawa tutut pikeun kadaharan sapopoe mah, kadang-kadang oge sok ngalaan huut lumayan cenah sapoena kadang menang sarebu dina sapoena.
            Hiji waktu manehna ngahajakeun ulin ka Emana anu tiwari geus pisah jeung Bapana, Emana teh boga gawe sapopoena nyiruh samak, kadang nganyam dudukuy atawa naon wae luyu jeung pesenan. Indungna mah panghasilanana radamu cekil, daharita oge manehna ningali awak Emana rada lintuh ayeuna mah.
            Hiji mangsa waktu nganjang ka Emana deui ka sampak aya semah lalaki, manehna di wanohkeun ka eta lalaki, manehna rada nanya ka emana tapi Emana teh teu nembalan ngan sakadar mere jawaban langganan samak, heuleut ti harita aya beja ema kawin deui jeung lalaki anu di wanohkaeun ka manehna. Atuh gancang bae manehna bebeja ka Bapana. Ti harita Bapana sok ngalamun bari rambay cimata. Sanggeus ngadenge beja kitu bapana langsung geringna leuwih parna, cenah mah ceuk Pa Mantri mah bapa teh kaserat panyakit liver.
            Sanajan manehna bingung ku kaayaan Bapana gering ripuh, terus lanceukna hayang kawin terus menta misah imah nyaeta nyewa imah Pak Haji Sukriya. Manehna teu luas barang penta ka lanceukna pikeun tatamba bapana. Tapi alhamdulillah Pa Mantri mere kawijaksanaan pikeun tatamba teu mayar enya akhirna Bapana teh rada eungkeut-eungkeut cageur maju ka sehat nempo ka ayaan kitu manehna ngarasa atoh.
            Sanajan panyakit Bapana bisa di singkirkeun tina dirina tapi kabiasaan ngalamun, tisaprak Emana kawin deui teu bisa di leungitkeun, malah katembongna beuki parna. Sakapeung katembong sok seserengehan sorangan. Manehna pohara reuasna nempo Bapana saperti kitu teh, sabab deui nyaho ti Ibu Guruna yen gajala kabiasaan ngalamun teh eta gajala panyakit ngageser ingetan, komo deui sanggeus tatanya nyarahoeun mah asana dunya beuki inggeung bae.
            Dina hiji peuting keluarga teh keur ngenah sarare. ai pek teh keur genah genah sare aya sora tarik sorana teh jiga sora nu keketok panto, ari pas dibuka teh enya we aya nu keketok, nu keketok teh si(teuing saha poho) ku bapana teh ditanya aya naon peuting peuting kieu keketok, manehna nembal ieu pa si nyai rek ngalahirkeun bapana ngomong deui manya ngalahirkeun peting peting kieu, rek ngalahirkeun dimana ai wayah kieu paraji pasti geus sarare, bapana olohok bari mikir boga duit timana jang mayar paraji, akhirna mah si bapak teh indit jeung si(teuing saha poho) neangan imahna paraji, aya nu ngabejaan di taeun ma emot, nya si bapak jeung si (teuing poho) ngingkik ka imahna ma emo. ai geus nyampak di imahna ma emot aya beja maemot na teh oweuh atuh si bapak jeung si (teuing saha poho) teh dagdigdug kudu kamana deui neangan paraji tapi si (teuing saha poho ) teh inget lamun aya keneg paraji ngarana bi manah. geus nepi imah bi manah si bapak jeung si (teuing saha) keketok ka imah na, ceuk bi manah teh aya naon peuting peuting kie, ieu bi rek ngalahirkeun, pas di tingali ku bimanah teh heeuh we bener si nyai teh rek ngalahirkeun, bi manah teu loba tatanya langsung bawa si nyai ka jero kamar, teu lila 2 jam kaharep kadenge aya sora nu ceurik, nu ceurik teh budakna si nyai geus ngajuru, ai si (teuing saha ) mah kalahkah cicing bae,
Kondi ngarasa pisan cuang-cieungna cicing di imah teh. Unggal nyeueung enggon Bapa hate kondi sok ngalimba. Kagambar wae kundi kumaha kaayaan Bapa di eta kamar.  Dibandingkeun jeung Kang Odong mahapetan Kondi ka Bapa teh.
            Ti sanggeusna ditinggalkeun ku Bapa teh, saminggu Kondi ngaluwuta oge. Nincak kadua mingguna Kondi geus mimiti deui asup digawe. Kondi teh digawena di pabrik aci. Geus rek aya sataunna Kondi digawe di pabrik aci eta teh. Kondi teh hanyangna mah undak kahirupan, ngan kudu ka kota ari rek undak kahirupan mah. Tapi ka kota teh Kondi teu boga baraya anu boga pakasaban di kota, jadi eweuh baris dituturkeunna.
            Dina hiji waktu kondi di tawaran gawe ku Mang Mahmud di kota, Mang Mahmud teh bandar beas di kota. Rada lila Kondi nimbang-nimbang pangajak Mang Mahmud. Tapi dina akhirna Kondi nyebut daek.
            Basa Kondi balik digawe, di imah kasampak geus aya ema. Ema ngajak Kondi cicing sareng anjeunna. Da kahayang Ema teh imah eta sina dijual da Ema butuheun duit keur modal, lantaran Bapa terena Kondi hayangeun ngalegaan usahana kana ngabojangan dudukuy. Hate kondi na amah banget teu mikeun. Kondi ngarasa teu tega mun teupika ngajual imah titinggalan Bapa keur ngamodalan Bapa terena.
            Dina akhirna mah Kondi milih ingkah ti lembur, milu ka kota jeung Mang Mahmud. Imahna diantep sina kosong, ngan dipihapekeun ka Uwa Alkasan. Pikir Kondi piraku pisan ku Ema terus dijual, da anu rek meulina oge tangtu bakal tetelepek heula, kitu deui ari nyanghareupan Uwa Alkasan mah Ema sok rada eraeun.


Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

UNSUR-UNSUR SENI RUPA , SENI MUSIK , DAN SENI TARI

UNSUR-UNSUR SENI RUPA , SENI MUSIK , DAN SENI TARI UNSUR-UNSUR SENI RUPA Unsur-unsur dasar karya seni rupa adalah unsur-unsur yang digunakan untuk mewujudkan sebuah karya seni rupa. Unsur-unsur itu terdiri dari : a. Titik /Bintik Titik/bintik merupakan unsur dasar seni rupa yang terkecil. Semua wujud dihasilkan mulai dari titik. Titik dapat pula menjadi pusat perhatian, bila berkumpul atau berwarna beda.Titik yang membesar biasa disebut bintik. b.Garis Garis adalah goresan atau batas limit dari suatu benda, ruang, bidang, warna, texture, dan lainnya. Garis mempunyai dimensi memanjang dan mempunyai arah tertentu, garis mempunyai berbagai sifat, seperti pendek, panjang, lurus, tipis, vertikal, horizontal, melengkung, berombak, halus, tebal, miring, patah-patah, dan masih banyak lagi sifat-sifat yang lain. Kesan lain dari garis ialah dapat memberikan kesan gerak, ide, simbol, dan kode-kode tertentu, dan lain sebagainya. Pemanfaatan garis dalam desain diterapkan guna m...

Sajak Sunda

SILIH TULUNGAN Nyiruan dina pancuran titeuleum méh baé paéh Titiran nenjo Nyiruan kanyaah mapaés haté. Geuwat metik dangdaunan diragragkeun kana cai ngarayap éta Nyiruan teu tulus nemahan pati. Titiran ku paninggaran diintip-intip dipanah Nyiruan mulang tarima nyeureud bitis paninggaran. Paninggaran ngagurubug teu tulus manah Titiran geus lésot kabéh bangbaluh lantaran silih tulungan. LANGLAYANGAN Langlayangan kumalayang ngalayang di méga malang paheula-heula jeung heulang sukan-sukan sukahayang. Mipir langit nyorang méga nyawang anggang di buana amparan handapeunana tanah éndah alam Sunda.